Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2009

Usum Hujan, Israel jeung Tambang

Usum Hujan mah asa hoream ngumbah motor teh, tapi ari taneuh ngadagleg dina mesin mah kabina-bina, sareukseuk kana soca cureuleukna. Jalanan sapanjang jalan ka tempat gawe leuhleur pinuh ku leutak, balong pindah ka jalan aspal euy, sakapeung kuring sieun ujug-ujug aya lumba-lumba ngajleng tina jalan nu barolong..atawa leuwih keueung mun urang tigebrus kana eta balong, heug teh teu bisa-bisa teuing ngojay. Tapi kadang mah lain sieun nu ngajorojoy dina hate teh, tapi keuheul! komo mun ngabayangkeun kaayaan dulur urang di Palestina- dulur timana?apan urang ditu mah euweuh nu demes- heeuh ari kituna mah, palebah irung jeung pangawakan mah moal aya nu nyebut yen dewek teh dulur jeung urang Palestina mah..wani nyebut dulur teh pedah we maranehna ge sarua takbirna, sarua maca Quran siga urang (he2). balik deui kana leutak, kuhayang pisan urang bisa ngidek babatok tantara Israel make dampal suku dewek nu jebrag, tuluy dilelep-lelep dina balong nu tadi dicaritakeun tea. nggeus diidek mah si Yah