Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2011

Bandung,23 Januari 2011

Dalam rangka ngantosan pun bojo uih, mamang ngoloyor ka BEC.. lain dek meuli HP, ngan ukur ngulampreng we teu puguh cabak. Sugan ari di BEC mah rada bengras panon teh heu (maklum, panyakit cunihin mah teu cageur 100% ku nikah). Nepi ka BEC...eh kela? bisi teu apal BEC teh mall anu ngajual barang-barang pikasebeleun, maksudna pikasebeleun teh barang2 anu dipikahayang loba tapi nu bisa kabeuli saeutik, jadi we pikasebeleun, tempatna di Jalan taeun sebrangeun Gramedia, mun ka BEC naek angkot kudu naek jurusan Nanahaon..ah teuing lah tong nanya jurusan angkot di Bandung, teu apal! apal teh ngan Caheum Cileunyi wungkul..