Bandung,23 Januari 2011
Dalam rangka ngantosan pun bojo uih, mamang ngoloyor ka BEC.. lain dek meuli HP, ngan ukur ngulampreng we teu puguh cabak. Sugan ari di BEC mah rada bengras panon teh heu (maklum, panyakit cunihin mah teu cageur 100% ku nikah). Nepi ka BEC...eh kela? bisi teu apal BEC teh mall anu ngajual barang-barang pikasebeleun, maksudna pikasebeleun teh barang2 anu dipikahayang loba tapi nu bisa kabeuli saeutik, jadi we pikasebeleun, tempatna di Jalan taeun sebrangeun Gramedia, mun ka BEC naek angkot kudu naek jurusan Nanahaon..ah teuing lah tong nanya jurusan angkot di Bandung, teu apal! apal teh ngan Caheum Cileunyi wungkul..
Di BEC teh kasampak jelema meni rea pisan, rupa-rupa tingkah polana..aya anu olohok bari tutunjuk kana barang nu aya dina etalase, aya anu kerung bari nyekel daftar harga, aya nu kukurilingan,aya oge nu ningalian kalakuan jelema anu aya -eta mah kuring-, mun di rangkingkeun mah pantesna pertanyaan nu paling sering kadenge di BEC nyaeta kecap, "Berapa?" da asa jarang nu nanya "sabaraha?" mah padahal teu kabeh nu kadinya teh lain jelema teu bisa basa sunda, model kuring we..ari di BEC teh mun nanya ka tukang sasapu ge tara, "kang, ari WCna dimana?" tapi "mas, maaf toiletnya dimana?" padahal eta tukang sasapu teh boa mah urang Cililin..tapi keun bae lah, kumaha maranehna we...
Rarasaan teh mun ningali jelema nu aya didieu, asa bohong mun nagara urang teh di sebut nagara miskin. Pan kamari rame dina berita yen pamarentah disebut ngabohong ku para tokoh lintas agama. Mun keur cicing di Mall siga kieu mah kuring teu pati satuju kana pendapat para tokoh agama teh, buktina ieu mall tara sepi kunu meuli..Tapi lamun balik ka lembur, naliwatan jalan anu siga walungan saat mah kuring ge satuju yen pamarentahan ayeuna teh masih aya cawadna. Balik deui ka Tokoh lintas agama Vs Pamarentah, naha bet beda titingalian? jawabna kieu...nya kajeun we atuh rek beda ge, Pamarentah disebut bohong? nggeus ti baheula meureun cuy..
ah enggeus ah, ari tulas tulis teh sok ngadon aya nu digogoreng..hampura nya..
da ieu mah iseng we nungguan pun bojo rengse damelna..

matakna mun nungguan ulah di BEC atuhhh.....hahay
BalasHapusda nungguan di nagarawangi,jauh teuing cuy..xi2
BalasHapus