Pada beberapa kawan,menulis telah menjadi : alat perlawanan,wadah pemikiran intelektual, berbagi ilmu How To, dan seabreg tujuan mulia lainnya. dan untukku, menulis baru sekedar untuk merekam apa yang kupikir,yang kukira dan yang ku rasa..baru tiga itu saja..
The Long and Winding Road..: Kamu dimana ?: Sukhoi luruh di gunung salak, 12 jasad akhirnya ditemukan setelah dua hari pencarian. Presiden Rusia yang baru terpilih, menelpon Presiden...
Pikir lilir teu mungkir,rasa teu wasa ngilang Hate rumasa cinta ka salira Kedah kumaha? Nyawalakeunnana Sesah mapalerkeunnana... Tangtos aya salempang, da bongan kedah tepang Urang duaan, sapangharepan Sapilengkahan, sapasimpangan Duh, urang sapaguneman Antawis urang duaan, sapamadegan Naratas jalan dina harepan Sanaos kahalangan ku anggang Kaasih duaan, mo ilang-ilang A Song from Kang Darso, King of Calung..
Dalam rangka ngantosan pun bojo uih, mamang ngoloyor ka BEC.. lain dek meuli HP, ngan ukur ngulampreng we teu puguh cabak. Sugan ari di BEC mah rada bengras panon teh heu (maklum, panyakit cunihin mah teu cageur 100% ku nikah). Nepi ka BEC...eh kela? bisi teu apal BEC teh mall anu ngajual barang-barang pikasebeleun, maksudna pikasebeleun teh barang2 anu dipikahayang loba tapi nu bisa kabeuli saeutik, jadi we pikasebeleun, tempatna di Jalan taeun sebrangeun Gramedia, mun ka BEC naek angkot kudu naek jurusan Nanahaon..ah teuing lah tong nanya jurusan angkot di Bandung, teu apal! apal teh ngan Caheum Cileunyi wungkul..
Usum Hujan mah asa hoream ngumbah motor teh, tapi ari taneuh ngadagleg dina mesin mah kabina-bina, sareukseuk kana soca cureuleukna. Jalanan sapanjang jalan ka tempat gawe leuhleur pinuh ku leutak, balong pindah ka jalan aspal euy, sakapeung kuring sieun ujug-ujug aya lumba-lumba ngajleng tina jalan nu barolong..atawa leuwih keueung mun urang tigebrus kana eta balong, heug teh teu bisa-bisa teuing ngojay. Tapi kadang mah lain sieun nu ngajorojoy dina hate teh, tapi keuheul! komo mun ngabayangkeun kaayaan dulur urang di Palestina- dulur timana?apan urang ditu mah euweuh nu demes- heeuh ari kituna mah, palebah irung jeung pangawakan mah moal aya nu nyebut yen dewek teh dulur jeung urang Palestina mah..wani nyebut dulur teh pedah we maranehna ge sarua takbirna, sarua maca Quran siga urang (he2). balik deui kana leutak, kuhayang pisan urang bisa ngidek babatok tantara Israel make dampal suku dewek nu jebrag, tuluy dilelep-lelep dina balong nu tadi dicaritakeun tea. nggeus diidek mah si Yah...
Komentar
Posting Komentar